Rabu, 11 April 2012

sajak b.sunda

Lembur kuring


Surupna panonpoe
Mawa rungsing kana hate
Gulidagna cai walungan
Mawa beurat kana patekadan
Hiliwirna angin
Mawa kasedih kana ati


                Duh, lembur
                Lain tega kuring ninggalkeun
                Tega tinggal katega
                Kuring indit pikeun bebela ka bangsa jeung nagara


Duh, lembur
Lain teu nineung kuring ninggalkeun
Nineung tinggal katineung
Kuring indit pikeun babakti ka lemah eui


                            Tatangkalan tinggarupay
                            Matak sungkan pikeun paturay
                            Seahna cai walungan
                            Mekelan cita-cita jeung kahirupan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar